Sabtu, 01 November 2008

Jalan Tol Sukabumi-Ciranjang Arek Ditenderkeun


Pamarentah nargetkeun tender pangwangunan dalapan jalan tol di Jawa jeung Sumatera bulan Desember 2008. Salah sahijina nyaeta jalan tol Sukabumi-Ciranjang (Cianjur) anu panjangna 31 km. Ieu warta teh dipedar dina Koran Tempo (15 Oktober 2008). Dina warta eta oge dipedarkeun yen pangwangunan konstruksi jalan kudu rengse dina tungtung taun 2009.

Tah guening, warta eta teh mangrupa bewara anu ngabungahkeun urang Sukabumi jeung Cianjur. Mudah-mudahan bae wewengkon Sukabumi jeung Cianjur teh mingkin kabuka aksesna.***

1 komentar:

I Hendy Faizal (egon) mengatakan...

sumuhun tangtos upami bingahna mah Kang Awang, mun simkuring rada hariwang bakal rengse dina se-ep wengkon 2009, margi dina kanyataan eta pembebasan tanah teu acan rengse sadayana teras ditambih kaayaan ekonomi sapertos kieu ayeuna...