Sabtu, 01 November 2008

Jalan Tol Ciawi-Sukabumi, Iraha Ngawujud?


Bray…… Rarasaan teh kawas peuting patepung jeung beurang atawa ti nu poek ka nu caang, basa kuring maca warta dina koran Kompas (11 Oktober 2008) ngeunaan pangwangunan jalan tol Ciawi-Sukabumi. Kieu ari judul wartana teh “Bakrie Jamin Pembangunan Lima Tol”. Salah sahiji jalan tol eta teh nyaeta Jalan tol Ciawi-Sukabumi anu panjangna 54 km.

Henteu rek bungah kumaha maca eta warta teh. Kaimpleng ku kuring lamun jalan tol eta geus ngawujud, daya tempuh ti Depok ka Sukabumi teh moal nepi ka dua jam meureun. Oge kacipta ku kuring, urang Sukabumi anu ngumbara jeung gawe di wilayah Jabodetabek pasti bungah pisan.

Jalan tol Ciawi-Sukabumi teh nepi ka kiwari memang ngan ukur aya dina impian. Ngarana oge ngimpi, ngan ukur bisa dilamunan jiga foto anu aya di luhur. Ari kanyataannana mah masih keneh jauh, sabab warta Kompas oge hentetu medarkan iharana eta proyek digarap.

Mingkin ka dieunakeun, jalan raya Ciawi-Sukabumi teh mingkin macet. Daya tempuh mobil pribadi ti Depok ka Sukabumi normalna masih keneh leuwih ti dua jam.
Kayaan eta teh lamun kondisi jalanna henteu macet pisan. Tapi ari macet pisan mah, daya tempuhna nepi ka opat jam. Basa lebaran kamari mah, aya babaturan ti Tangerang nganjang ka Sukabumi teh jalanna ngarayap nepi ka genep jam.

Mangkana kuring mah sok rada hoream indit-inditan ka Sukabumi teh. Nyaeta hoream ku macetna. Lamun kapaksa kudu nepungan kaluwarga, kuring mah sok mangkat pasusubuh.***

Tidak ada komentar: